NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I

Ka Alloh abdi nyalindung, tina panggodana setan.
Kalayan asma Nu Agung, Alloh Anu Welas Asih.

-Alloh-

1. ALLOH ANU MAHA UNINGA (:2/1,2)

  • Alloh Nu Maha Uninga, kana sadaya dawuh-Na,
    mungguhing urang manusa, wajib kedah percantenna.
  • Kana Qur’an ulah hamham, ulah waswas ragu-ragu,
    upami urang mihamham, tangtos urang buntu laku.
  • Sadaya umat Pangeran, kedah kenging tuduh jalan,
    nu mawi lumungsur Qur’an, pikeun tuduh jalan iman.
  • Tawisna nu takwa to’at, yakin ayana aherat,
    solatna teh tara pegat, ku Alloh tangtos dirahmat.
  • 2. SILIH BAGI REJEKI (:2/2,3,4)

  • Mun urang nampi rejeki, rejeki pabagi-bagi,
    sasama ge kabagean, rejeki silih agehan.
  • Jelema nu iman mu’min, panceg percaya tur yakin,
    kitabulloh nu baheula, eta ge dawuh Mantenna.
  • Jelema nu iman mu’min, yakinna aenal yakin,
    yen engke teh hirup deui, bakal deuheus ka Ilahi.
  • 3. PITUDUH TI ALLOH SWT (:2/5)

  • Mungguhing nu iman takwa, kenging pituduh Mantenna,
    hirupna kenging panungtun, henteu lesot ti panuyun.
  • Eta teh bagja utama, rahmat teu kinten ageungna,
    mulus salamet hirupna, kenging pituduh Mantenna.
  • Nu kitu hirup rahayu, kenging pituduh lumaku,
    moal sasar katambias, moal hamham moal waswas.
  • 4. ULAH NGABEDUL (:2/6,7)

  • Jelema anu mantangul, hirup nyuruntul ngabedul,
    hese dibere pepeling, langlang-lingling lir teu eling.
  • Mangeran kana napsuna, ngagugulung kahayangna,
    aturan kabeh dirumpak, ngaruksak jeung ngagalaksak.
  • Lajeng ku Alloh ditutup, kalbu dibulen dirungkup,
    hatena teh ditulakan, pangreungeuna dicocokan.
  • Batin jadi kurunyinyi, tebih ti hidayah Gusti,
    cilaka estu cilaka, jalma nu kitu lampahna.
  • 5. GANCANG OMEAN (:2/8,9)

  • Seueur pisan kajantenan, ngaku-ngaku panceg iman,
    padahal gagaleongan, kaimanan reureundahan.
  • Sering pisan kaalaman, pura-pura ngaku iman,
    ari lampah euwah-euwah, kitu salah kieu salah.
  • Lamun nyieun kasalahan, pek omean gagancangan,
    gancang menta dihampura, ka Alloh Maha Kawasa.
  • Kitu lampah sasab pisan, tetela nipu sorangan,
    tapi tong peunggas harepan, nu salah gancang omean.
  • 6. SIPATNA JELEMA ANU MUNAPEK (:2/10,11)

  • Jalma munapek sipatna, mun leukeun nitenanana,
    sok resep nyieun alesan, keur nutupan kasalahan,
  • Kasalahan diteumbleuhkeun, geugeuleuh dika-baturkeun,
    hatena pinuh werejit, kotor jeung pinuh rurujit.
  • Mun hareupeun ngomong hade, tukangeun mah ngalelewe,
    nu kitu tong jadi sobat, sabab mindeng ngahianat.
  • 7. ULAH JALIR JANGJI (:2/12,13)

  • Lamun urang gaduh jangji, kade ulah lanca-linci,
    subaya kedah cumponan, sabab eta kahormatan.
  • Jelema nu jalir jangji, eta teh sami saharti,
    reujeung ngaruksak pribadi, henteu ngajenan ka diri.
  • Nu teu pageuh kana jangji, nu kitu munapek pasti,
    hirupna moal jamuga, bakal pinanggih tunggara.
  • 8. NGAJAGA LETAH (:2/14)

  • Kade jaga eta letah, sabab mindeng mawa salah,
    seukeutna leuwih ti pedang, raheutna matak gudawang.
  • Loba nu meunang cilaka, lantaran tina ngomongna,
    ngomong teu dipikir heula, tangtu hanjakal ahirna.
  • Ngomong ngabuih ngabudah, mindingan lampah nu salah,
    ngaku-ngaku iman takwa, padahal reka perdaya,
  • Iman ukur kaheureuyan, kawas bunglon lolondokan,
    kitu peta salah pisan, kudu gancang dijauhan.
  • 9. ULAH NGAHEUREUYKEUN AYAT (:2/15,16)

  • Mangkade ulah mokaha, ngaheureuykeun pidawuh-Na,
    dipake ocon guguyon, kitu peta estu awon.
  • Jalma ngaheureuykeun ayat, moal pinarinan rahmat,
    jeung moal kenging sapa’at, sabab ngaheureuykeun ayat.
  • Ayat teh dawuhan Gusti, lenyepan mangka kaharti,
    sangkan urang ulah rugi, hirup jadi ngandung harti.
  • Ayat ulah diheureuykeun, kuduna teh dihartikeun,
    sangkan hirup ulah rugi, tur kenging rido Ilahi.
  • 10. PALITA ANU TEU CAHAYAAN (:2/17,18)

  • Kuma pibakaleunana, lamun pareng hiji mangsa,
    urang teh nyeungeut palita, tapi teu caang sinarna
  • Kotret deui cekres deui, ngahurungkeun korek api,
    pareum deui pareum deui, poek deui poek deui.
  • Rajeun palitana hurung, tapi kalah tambah bingung,
    sabab cahayana musna, poek mongkleng buta rata.
  • Kitu minangka misilna, nu munapek ibaratna,
    lolong lahir jeung batinna, sasab dunya aheratna.
  • 17 Komentar

    Filed under Nurul Hikmah

    17 responses to “NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I

    1. KangBoed

      pertamaaaaaaaaaaxxxxxxxzzz

    2. hmm.. mas Blangkon ini dari mana yaaaa.. kok kayanya orang sunda juga dipalih mana mas
      salam sayang

    3. SAHABATKU RAIH FITRAH DIRI menjadi MANUSIA SEUTUHNYA UNTUK MENGEMBALIKAN JATI DIRI BANGSA
      Salam Cinta Damai dan Kasih Sayang ‘tuk Sahabat Sahabatku terchayaaaaaank
      I Love U fulllllllllllllllllllllllll

    4. KangBoed

      Kekasih Sejati yang setia selalu.. DIA rela menunggu walau kita selalu menykiti hatiNYA.. dengan salah dan DOSA.. subhanalllllaaaaah.. DIA MENUNGGUMU.. TANGANNYA SELALU TERULUR MENANTIKAN KITA SEMUA.. YANG MAU KEMBALI KEPADANYA
      SALAM SAYANG

    5. Salam Cinta Damai dan Kasih Sayang ‘tuk Sahabat Sahabatku terchayaaaaaank
      I Love U fullllllllllllllllllllllllllllllll

    6. panaaaaaaaaaaaaaaasssssssss

    7. Ping-balik: NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I & II « Ngamumule Bahasa Sunda

    8. Assalamu’alaikuum…
      Nyuhunkeun widi akang bade ngiringan nyalin. hatur nuhun.

      http://sundakiwari.wordpress.com

    9. aprak jagat

      Assalamu’alaikuum…
      Sami abdi oge bade nyuhunkeun widi akang bade ngiringan nyalin. hatur nuhun.

    10. awan

      Assalamu’alaikum..
      nyungkeun widi oge kanggo nyalin. nuhun kapihatur

    11. Irfan

      Alhmdllah kaanggo pisan nadzomanna, panyuhunkeun supdos d tambih deui bait nadzomna, mdh2n sing ageung manfa’atna,Amin..

    12. DONI

      KANG NADOMAN NYUHUNKEN DI COPY KENGENG

    Tinggalkan Balasan ke masblankon Batalkan balasan