NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS 1 (bagian 2)

11. CAHAYA KILAT SAJORELAT (:2/19)

  • Pareng leumpang tengah peuting, poek mongkleng sepi jempling,
    ngadadak baranyay kilat, serab kilat sajorelat.
  • Jelebet sorana tarik, dunya eundeur rek tibalik,
    tinggorowok tingkoceak, asa kiamat ngadadak.
  • Gelap dor-dar tingjelegur, dunya asa arek lebur,
    nu munapek tingjarerit, sieun maot jadi mayit.
  • Careurik aluk-alukan, anak bojo dicalukan,
    tapi taya nu nembalan, hayang salamet sorangan.
  • Kitu misil nu munapek, leumpang ngatog di nu poek,
    uyup-ayap rungah-ringeuh, hatena tagiwur riweuh.
  • Nu munapek lolong hate, teu apal goreng jeung hade,
    cilaka estu cilaka, nu munapek ka naraka.
  • Alloh Nu Maha Ngamurba, ngamurba ka sadayana,
    sadaya mahluk Mantenna, Alloh Nu Maha Kawasa.
  • 12. ULAH WASWAS (:2/20)

  • Anu hatena ngolembar, waswas hamham tara sabar,
    caang pikir sagebrayan, gancang leumpang rurusuhan.
  • Reup deui poek meredong, utag-atog rarang-rorong,
    jen ngajentul mandeg mayong, paningalna jadi lolong.
  • Lolong teh lolong batinna, torek teh torek rasana,
    musna rasa manusana, nu kitu kapir ngaranna.
  • Nu matak ulah rek hamham, sabab matak ipis iman,
    ulah waswas ragu-ragu, mandeg mayong mundur maju.
  • 13. ULAH SALAH NYEMBAH (:2/21)

  • Eling-eling dulur kuring, sing bisa ngaping ngajaring,
    sangkan urang tetep eling, ka Alloh Nu Maha Wening.
  • Ka Alloh urang sumembah, sumembah iklas tur sadrah,
    kade ulah salah nyembah, mung ka Alloh urang nyembah.
  • Kapan urang diciptakeun, ku Mantenna digelarkeun,
    sami jeung anu baheula, nu gelar leuwih ti heula.
  • Sumujud kedah ka Alloh, wiridan ku asma Alloh,
    muntang manteng mung ka Alloh, Maha Suci Gusti Alloh.
  • 14. MATAK WAAS (:2/22)

  • Ya Alloh Nu Maha Akbar, estu waas matak kelar,
    ningal daratan nu ngampar, alam dunya nu ngagelar.
  • Ret neuteup ka awang-awang, megana pating kalayang,
    langit teu aya tungtungna, endah temen kasawangna.
  • Ti siang ngempray caraang, titingalan awas lenglang,
    ti wengi bentang baranang, cahaya bulan gumiwang.
  • Teu lami hujan miripis, ti langit hujan girimis,
    hujan rohmat ti Pangeran, Mantenna Nu Maha Heman.
  • Tutuwuhan breng jaradi, renung dina latar bumi,
    sadaya eta rejeki, paparin Ilahi Robbi.
  • Mekar sakur kekembangan, leubeut sugri bungbuahan,
    kukupu gegelebaran, bangbara sareng nyiruan.
  • Mung ka Alloh nya sumembah, kade ulah salah nyembah,
    ulah rek nyembah berhala, sabab eta teh doraka.
  • 15. ULAH HAMHAM (:2/23,24)

  • Lamun masih keneh hamham, kana eusina Al Qur’an,
    pek geura nyieun sasurat, geura tiron ayat-ayat.
  • Lamun masih ragu-ragu, yen Qur’an eta teh wahyu,
    pek jieun sasurat bae, masing alus masing hade.
  • Sesembahan penta tulung, sangkan ngabantuan nulung,
    mun berhala enya luhung, hempek gancang penta tulung.
  • Tangtu andika mo bisa, jeung tangtu moal rek bisa,
    pek jaga diri andika, sangkan ulah ka naraka.
  • Wahyu teh ti Gusti Alloh, lumungsur ka Rosululloh,
    sanes damelan manusa, pidawuh Alloh Ta’ala.
  • 16. WARTA PIKABUNGAHEUN (:2/25)

  • Aya warta matak bungah, keur jalma anu sumerah,
    nu resep amal ibadah, nu ngomean lampah salah.
  • Ka jalma nu laku hade, rek lalaki rek awewe,
    Alloh moal hare-hare, bakal diganjar nu hade.
  • Matuhna ge di sawarga, sawarga endah kacida,
    langgeng matuhna di dinya, nampi kurnia Mantenna.
  • Linggih di Janatunna’im, patempatan anu mu’min,
    sawargana kanimatan, di dunya taya bandingan.
  • 17. TUDUH JALAN (:2/26,27)

  • Dina Al – Qur’an nu mulya, seueur simbul jeung siloka,
    silib sindir jeung sasmita, anu mu’min mah percaya.
  • Perlambang teh tuduh jalan, nu mu’min percanten pisan,
    tapi ceuk jelema kapir, matak sasab silib sindir.
  • Siloka sareng sasmita, eta pituduh Mantenna,
    tuduh jalan ka umat-Na, sangkan teu sasab hirupna.
  • Pikeun ngahartikeun lambang, urang sing asak jeujeuhan,
    maca tapsir tarjamahan, engke aya katerangan.
  • Saeusina jagata raya, eta ge ayat Mantenna,
    upami ditapakuran, seueur rasiah Pangeran.
  • Ta pi keur jalma nu musrik, silib sindir teu dilirik,
    ayat-ayat ti Pangeran, diantep teu dilenyepan.
  • Dasar jelema nu fasik, hirupna teh estu musrik,
    gawe nyieun karuksakan, rugi lain meumeueusan.
  • 18. MULANG KA ALLOH SWT (:2/28)

  • Ari mungguhing manusa, nya tina taneuh asalna,
    barang paeh mimitina, lajeng dipaparin nyawa.
  • Barang paeh nya asalna, bisa hirup ku Kersana,
    Pangersa Alloh Ta’ala, kumelendang ngalumbara.
  • Lajeng ku Kersa Ilahi, nu hirup teh paeh deui,
    mulang ka asalna tadi, sakabehna paeh deui.
  • Ku Kersana Maha Suci, engke dina hiji wanci,
    nu paeh teh hudang deui, marulang deui ka Gusti.
  • 19. TADABUR ALAM (:2/29)

  • Sumangga tingali bumi, tafakuran ulah lali,
    dunya ngampar lega pisan, eta ciptaan Pangeran.
  • Sakur sugri nu gumelar, pikeun manusa takajar,
    mangpa’atna keur manusa, khalifatullah di dunya.
  • Nu mawi ulah diruksak, alam ulah digalaksak,
    pibelkeleun keur manusa, bekel hirup ngalumbara.
  • Payungna langit melengkung, tawis kanyaah Nu Agung,
    wiati nu tujuh lapis, ti langit hujan miripis.
  • Ngan manusa sok mokaha, mindeng hilap ka Mantenna,
    ka Alloh Nu Maha Heman, sok mindeng tara sukuran.
  • 20. IBLIS ANU DORAKA (:2/30;=30)

  • Kersaning Ilahi Robbi, awalna nyiptakeun jalmi,
    sapangersana Ilahi, sadaya tangtos ngajadi.
  • Malaikat didawuhan, sangkan sumujud ka Adam,
    brek sujud taya nu baha, iwal Iblis nu doraka.
  • Iblis teh sombong adigung, dumeh tina seuneu hurung,
    ngarasa unggul kacida, dibandingkeun jeung manusa.
  • Iblis teh sombong kacida, asa leuwih ti manusa,
    padahal sadaya mahluk, ka Alloh mah tangtos taluk.
  • Padahal anging Ilahi, nu maphum mah anging Gusti,
    mahlukna mah moal ngarti, pangna Alloh nyipta jalmi.
  • Sakur jelema nu sombong, kumaki jeung gede bohong,
    eta teh baturna setan, jeung idajli babarengan.
  • Ku kituna unggal jalma, nu adigung adiguna,
    eta teh baladna setan, bakal dila’nat Pangeran.
  • 21 Komentar

    Filed under Nurul Hikmah

    21 responses to “NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS 1 (bagian 2)

    1. seu’eur nu janten bahan tafakuran …
      wilujeng shaum masblankon .. 🙂

    2. eta nadoman teh ngange pakeman naon ?

    3. Kataji ku nadoman na mas tapi kedah disurtupkeun kana lagu naonnya, wazan na wazan naon
      naha mustaf’ilun fa’ilun dst. mafailun-failun..dst. Atau apa ?
      ditunggu info lengkapnya

    4. Assalaamu ‘Alaikum
      Selamat Pagi !!!
      Pagi ini Abifasya menyapa sahabat dengan penuh kerinduan,
      Mari sambut hari senin ini dengan penuh keceriaan dan harapan untuk senantiasa mendapatkan Ridla Allah, awali langkah kita saat hendak barangkat kerja dengan “Bismillah”, semoga Allah menjadikan langkah-langkah kita sebagai amal shaleh.
      Dan jangan pernah berkata : “Aku Benci Hari Senin”
      Salam Ramadlan penuh Berkah.

    5. Assalaamu ‘Alaikum
      Bilih kantos tisoledat letah
      Bilah aya seratan numatak ngajaheutkeun manah
      tina qalbu nu di deudeul ku kaikhlasan
      simkuring “Abifasya”
      Ngadugikeun : “wilujeng boboran shiyam”
      Hapunten tina samudaya kalepatan.
      kalayan diprig ku do’a : Taqabbalallohu minna wamiunkum, taqabbal yaa kariim.
      Salaaaaaaaaaaaaam

    6. KangBoed

      Kedaling rasa nu pinuh ku bangbaluh hate, urang lubarkeun, ngawengku pinuh ku nyuuh, meungpeung wanci can mustari. Taqabalallahu Minna Wa Minkum
      Wilujeng Idul Fitri 1430 H, sim kuring neda dihapunten samudaya kalepatan.
      Kuring neda dihapunten kana samudaya kalepatan, boh bilih aya cariosan anu matak ngarahetkeun kana manah, da sadayana oge mung saukur heureuy, manusa mah teu tiasa lumpat tina kalepatan jeung kakhilafan

    7. Terselip khilaf dalam candaku,
      Tergores luka dalam tawaku,
      Terbelit pilu dalam tingkahku,
      Tersinggung rasa dalam bicaraku.
      Hari kemenangan telah tiba,
      Semoga diampuni salah dan dosa.
      Mari bersama bersihkan diri,
      sucikan hati di hari Fitri.
      Selamat Hari Raya Idul Fitri 1430 H
      Taqoba lallahu minnaa wa minkum
      Shiyamanaa wa shiyamakum
      Minal ‘aidin wal faizin
      Mohon maaf lahir dan batin
      Salam Cinta Damai dan Kasih Sayang ‘tuk Sahabatku terchayaaaaaaaank
      I Love U fuuullllllllllllllllll

    8. Pengikut KangBoed ..

      Kedaling rasa nu pinuh ku bangbaluh hate, urang lubarkeun, ngawengku pinuh ku nyuuh, meungpeung wanci can mustari. Taqabalallahu Minna Wa Minkum
      Wilujeng Idul Fitri 1430 H, sim kuring neda dihapunten samudaya kalepatan.
      Kuring neda dihapunten kana samudaya kalepatan, boh bilih aya cariosan anu matak ngarahetkeun kana manah, da sadayana oge mung saukur heureuy, manusa mah teu tiasa lumpat tina kalepatan jeung kakhilafan

    9. Selamat pagi ..
      Selama masih ada mentari, anak negeri tak pernah mati
      Hidup hanya untuk berbakhti pada Ilahi Rabbi ..
      Anak bangsa terus berkarya …
      Ada Asa dan cita di depan mata …
      Untuk Indonesia kembali JAYA …

    10. Shilaturrahmi ba’da idul fitri neh sahabatku
      Apa Kabar ?
      Dah Lama aku tak Berkunjung
      Semoga Allah senantiasa melindungi Kita
      Salaaaaaaaaaaaaaaam

      Ari masb lankon kamana wae ?

    11. Assalamu’alaikum wr.wb

      Sruuuuput kopi di pagi hari
      Silaturahmi eratkan hati
      Saling berkunjung rasa tersanjung
      Kalo mengeluh rejeki menjauh
      Keluh kesah membuat susah

      Sruuuput kopi di pagi hari
      Lihat mentari senanglah hati
      Mencari rizki ikhtiar diri
      Mencari Ilmu bekal mengabdi

      Sruuuput kopi di pagi hari
      Maknyooos bisa nyeroscos
      Sok sanaos ngan ukur waos
      Nyarios modal pribados teu sawios dianggap bodooos

      *Pagi jelang siang .. menantang sampe petang*

      SEMANGAAAAAAAAAT 😉

    12. Salam hanet selalu always… hidup @mas blankon.

    13. blankon itu menurut falsafah jurusan London berarti “lagi kosong”. Suwung.
      Blank-on.
      😀

    14. Assalamu’alaikum @Mas Blankon

      Selamat tahun baru 1431-H dan 2010-M, mari kita awali dengan niat dan kemauan yang kuat semoga Allah melancarkan dan memudahkan semua usaha kita, Amin.

      Salam hangat selalu,

      #Haniifa.

    15. Aduh, bahasanya sulit dimengerti.

    16. AnakBangsa telah kembali,, setelah terlelap sekian waktu lamanya.. Mohon dimaafkan atas absennya AnakBangsa..

      Selamat hari senin Juragan..
      Semoga apa yang Juragan alami pada hari senin ini membawa kebahagiaan dalam hidup Juragan..

      Salam AnakBangsa..
      Salam Perubahan..

      Mau Hidup Bahagia??

    17. Selamat sore. Blogwalking dulu nih ,udah lama gak blogwalking . Semoga kabarnya baik baik saja

    18. panceg dina galur salawasna moal ingkah najan awak lebur

    19. memang benar apa yang anda tulis

    Tinggalkan Balasan ke kopral cepot Batalkan balasan