Tag Archives: Basa Sunda

NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS 1 (bagian 2)

11. CAHAYA KILAT SAJORELAT (:2/19)

  • Pareng leumpang tengah peuting, poek mongkleng sepi jempling,
    ngadadak baranyay kilat, serab kilat sajorelat.
  • Jelebet sorana tarik, dunya eundeur rek tibalik,
    tinggorowok tingkoceak, asa kiamat ngadadak.
  • Gelap dor-dar tingjelegur, dunya asa arek lebur,
    nu munapek tingjarerit, sieun maot jadi mayit.
  • Careurik aluk-alukan, anak bojo dicalukan,
    tapi taya nu nembalan, hayang salamet sorangan.
  • Kitu misil nu munapek, leumpang ngatog di nu poek,
    uyup-ayap rungah-ringeuh, hatena tagiwur riweuh.
  • Nu munapek lolong hate, teu apal goreng jeung hade,
    cilaka estu cilaka, nu munapek ka naraka.
  • Alloh Nu Maha Ngamurba, ngamurba ka sadayana,
    sadaya mahluk Mantenna, Alloh Nu Maha Kawasa.
  • 12. ULAH WASWAS (:2/20)

  • Anu hatena ngolembar, waswas hamham tara sabar,
    caang pikir sagebrayan, gancang leumpang rurusuhan.
  • Reup deui poek meredong, utag-atog rarang-rorong,
    jen ngajentul mandeg mayong, paningalna jadi lolong.
  • Lolong teh lolong batinna, torek teh torek rasana,
    musna rasa manusana, nu kitu kapir ngaranna.
  • Nu matak ulah rek hamham, sabab matak ipis iman,
    ulah waswas ragu-ragu, mandeg mayong mundur maju.
  • Baca lebih lanjut

    21 Komentar

    Filed under Nurul Hikmah

    NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I

    Ka Alloh abdi nyalindung, tina panggodana setan.
    Kalayan asma Nu Agung, Alloh Anu Welas Asih.

    -Alloh-

    1. ALLOH ANU MAHA UNINGA (:2/1,2)

  • Alloh Nu Maha Uninga, kana sadaya dawuh-Na,
    mungguhing urang manusa, wajib kedah percantenna.
  • Kana Qur’an ulah hamham, ulah waswas ragu-ragu,
    upami urang mihamham, tangtos urang buntu laku.
  • Sadaya umat Pangeran, kedah kenging tuduh jalan,
    nu mawi lumungsur Qur’an, pikeun tuduh jalan iman.
  • Tawisna nu takwa to’at, yakin ayana aherat,
    solatna teh tara pegat, ku Alloh tangtos dirahmat.
  • 2. SILIH BAGI REJEKI (:2/2,3,4)

  • Mun urang nampi rejeki, rejeki pabagi-bagi,
    sasama ge kabagean, rejeki silih agehan.
  • Jelema nu iman mu’min, panceg percaya tur yakin,
    kitabulloh nu baheula, eta ge dawuh Mantenna.
  • Jelema nu iman mu’min, yakinna aenal yakin,
    yen engke teh hirup deui, bakal deuheus ka Ilahi.
  • Baca lebih lanjut

    17 Komentar

    Filed under Nurul Hikmah